Şunu aradınız:: padean (Endonezce - Hollandaca)

Bilgisayar çevirisi

İnsan çevirisi örneklerinden çeviri yapmayı öğrenmeye çalışıyor.

Indonesian

Dutch

Bilgi

Indonesian

padean

Dutch

 

Kimden: Makine Çevirisi
Daha iyi bir çeviri öner
Kalite:

İnsan katkıları

Profesyonel çevirmenler, işletmeler, web sayfaları ve erişimin serbest olduğu çeviri havuzlarından.

Çeviri ekle

Endonezce

Hollandaca

Bilgi

Endonezce

dipuncak gunung pulosari nu disebut puncak manik aya patapaan, nu jadi pandita nya eta resi arga manik kagungan putra teuing kugeulis ninggang kana para basa : geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina lir bidadari turun ti langit. kumargi putra hiji-hijina atuh sagala elmu teh sasatan diturunken kabeh ka putra kadeudeuh. tidituna mah watir meureun, waruga awewe teu boga batur bisi kumaha onam bisi pinanggih balai geus bisa mandiri ngajaga diri. tapi antukna jadi hahalang kadirina saban aya numikahayang kaanjeuna kudu bae dicoba elmuna nepi kaharita mah can aya nu bisa nguyngkalan elmu . kacaturkeun beja teh geus nepi ka karaton pajajaran, atuh prabu siliwangi teh panasaran palay nyobian bari susuganan bisa kapi milik ngajodo ka putri nu geulis lenggang kencana. sasasumpingna prabu siliwangi, anjeuna teu ngajak tarung tapi nyieun tanjakan palay terang mampu atawa henteu kieu saurna: mangga abdi kersa dipigarwa mung aya kahoyong pang damelkeun taman jari nu di papaesan ku tujuh sumur, tuh diditu di puncak gunung karang. teras bae disanggeuman prabu siliwangi nyambat ratu jin ( wujudna mah bango putih = kuntul ) supaya pang damelkeun anu dipundut ku putri tea. sakedet netra parantos ngajadi sarta sang kuntul gegeleberan lebak sumur minangka tanda-tanda nu dipundut tos ngajadi. teu bisa mungprag deui, lajeng bae ditikahkeun. sumur tujuh iii jaman baheula pulo jawa teh disebat pulo peteng. lain peteng hartina poek, tapi pareumeun obor pikeun nyukcruk galur mapay tapak, sabab teu aya candi atawa prasasti ngan saukur bisa ditempo tina wangsitna pikeun pajajaran anu umumna: “ngaing moal ninggalkeun ciri, tapi cukup ku tapak lacak keur koreheun jaga anu rancage hate, jenug dimana nu leungit geus kapanggih, eta tandana ngawah geus deuket. cig gera tareangan jalana make amparan.“ dina abad katilu pulo jawa teh dieusi manusa nu mangrupa wanara wujudna disebat bodi satwa anu ngabantam atawa ngalalakon barisa nyarita bari ngeusian diri ngamuniaga ka hiang widi. kasebat beh sulanjana sulanjani harita teh ngan ngaran, tara kakoncara. osok oge jujuluk nu mashur tina kasaktenna, saperti sulanjana disarebut ku rakyatna mah aji saka ( taun 351 ) tiap turuna katitisan kuanjena. dina abad ka 4 lugay tirawa badak titisan aji saka teh teras anjena ngalih kahiji tempat di luhur gunung anu didamel karang panglayungan saterasna disebut gunung karang. dina alam isnun ( sanggeus aji saka tilem ) hurup anu dipake teh contona kieu titisan aji saka teh nampi wangsit ti hiang widi yen eta hurup jeung basa teh kudu dibahas jeung dipiharti ku opat nagara nyaeta: cina, hindustan, urdu, jeung yunani lor pikeun ngamajukeun rundayanana. kalayan kasakten anjeuna nu disebat aji maruta atanapi bayu aji watakna ras jleg, kamana bae nu dimaksud baris sumping harita keneh. anjeuna mulih ti hindustan bari dipaparia gelar sri maha raja baduga agung. ari hurup wianjana wianjani nyatana aksara nu 20 disarebut aksara palawa sarta di pulo jaw amah disebut hanacaraka. basa isnun saterusna mah disebut basa sansakerta. mulih nyaba bari ngalalana tuluy ngadegkeun karajaan nu disebut galuh pakuan di gunung karang tempatna salajeungan diembarkeun ka rahayatna jagat peteng diganti ku jagat jawuta ( jawuta=pade=pare ). dina akhir abad ka 4 nampi kunjungan balesan ti raja-raja opat nagara tea kumargi teu aya nunyamian karakter sri baduga lajeung disayogikeun kanggo balabuh kapalna teh ti palabuhan anyar beulah lor nu ayeuna disebut anyar lor. tempat dinu waka teh nganggo lawang saketeng (gapura) tina dua tangkal kiara nu kiwari disebut kiara lawang nyaeta dibikot rata. dupi hasilna mangrupi buku mahabrata. atuh salajeungna kumsrgi sang raja henteu puputra, kanggo nurunkeun elmuna teh ngadameul sumur tujuh nu dianggo nijiraman nyerepkeun elmuna ( nawajuhan elmu ). cateutan: di jawa timur ( gunung tengger ) aya deui titisan aji saka jenengan sri ningrat kusuma sok disebut raja pajajaran ii atawa nagara salawe jajar. tah ieu ngawitan ngadameul pusaka diantawisna: peso raut ( bedog bugel ), pancawara, peso munding laya nu disebut pucuk liwung ( samber nejawa ) sareng kujang polos ( liang dua atawa tilu )

Hollandaca

google vertaling van de lokale taal

Son Güncelleme: 2014-08-28
Kullanım Sıklığı: 1
Kalite:

Referans: Anonim

Daha iyi çeviri için
7,720,557,673 insan katkısından yararlanın

Kullanıcılar yardım istiyor:



Deneyiminizi iyileştirmek için çerezleri kullanıyoruz. Bu siteyi ziyaret etmeye devam ederek çerezleri kullanmamızı kabul etmiş oluyorsunuz. Daha fazla bilgi edinin. Tamam